Dina Tanjakan Samaya -->

breaking news

News

Baca di Helo

Dina Tanjakan Samaya

Saturday, February 09, 2019


Pun ampun...ka sang Rumuhun...
seja medar padumukan karuhun,
anu ngajajar rajeg di alam maya,
ku pangbakti du'a ka Gusti...
muga- muga jalan disela-sela lumut saliara eces natrat katenjo batin narawangan...

Gedong luhur antara gawir jeung ruyuk awi, aya kahirupan nu teu jelas kapandang mata...
sakitu lawasna tumuwuh sukma- sukma kulayaban,
balawiri dikebon jeung huma...
dijurang itu budak- budak anteng tingguntayang...

Pun ampun ka sang Rumuhun...
kunaon pangersa alum bae?
Naha pedah palataran disered angkara durga? 
Karaton kalindes alatna manusa? 
Tangkal gede jadi papayung
geus tumbang dibabad?

"Tutunggul awur awuran
diburak barik disodok,
geus nyeri beuteung gudawang,
sirah kula didagoran" 

Pun ampun ka sang Rumuhun
muga ulah bendu...!
ka rahayat sabudeureun...


Pangajeung , Uju Juhari
(9 Pebruari 2019)